Agustus 5, 2020

“Hijrah Tina Ngaranjah”

Ku M. NANA MUNAJAT

Dina raraga mapag taun anyar 1 Muharam 1428 H., Paguyuban Pangheuyeuk Raksa Situ Ciburuy (PAPARASI) rampak gawé jeung Paguyuban Seniman dan Budayawan Kabupaten Bandung (Pasebban), GM FKPPI cabang rayon Kacamatan Padalarang, Front Komunitas Indonesia Satu (FKI-1) DPD Kabupatén Bandung, katut pondok pasantrén Al-Mizan Majalengka, ngagelar ritual “Bagéa Muharam, Ngajak Hijrah Tina Ngaranjah”.

Acara lumangsung poé Kemis, 18 Januari 2007, ti tabuh 19.30 nepi ka 24.00, di lelewek obyék wisata situ Ciburuy, Kacamatan Padalarang, Kabupatén Bandung, kalayan dideudeul ogé ku Paguyuban Mojang Jajaka Jawa Barat jeung Sekar Kaliwon.

Bubuka acara dimimitian ku prosesi “Hijrah”. Minangka pamuka layarna upacara pangbagéa, kalayan ditata ku Ayép Rohaedi, mintonkeun kaparigelan siswa Sekolah Menengah Pertama (SMP) Budi Bakti Utama jeung grup nasyid Ikhwani anu diluluguan ku Uép, ti Kampung Andir, Désa/Kacamatan Padalarang.

Dina pirigan lagu nasyid jeung narasi digalantangkeun ku seniman téater, Rosyid É. Abby, puluhan siswa SMP BBU nu diwawaas ku property obor, nyieun garis jajaran génjang. Dina gerak nu anca, wirahma lagu Solawat Badriah, sakur penari mapag KH. Maman Imanulhaq Paqih, pingpinan pasantrén Al-Mizan, nu diaping ku Kepala Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kabupaten Bandung, Drs. H. Juhana Atmawisastra, M.Si., seniman Ratna Sarumpaét, jeung Franky Sahilatua.

Sabada KH. Maman asup ka pakalangan, para pangaping dariuk dina lapak panongton, upacara unggah kana ritual hijrah. Ritual nu diropéa ku KH. Maman, tata tarina ku Darto JÉ., pirigan musikna ku grup Perceka pingpinan Tatang Setiadi ti Cianjur, jeung narasina ku Abah Awi, ngagambarkeun hijrahna manusa tina alam peteng ka alam caang narawangan. nu disimbolkeun ku dibalurna awak para penari Qi-Buyut ku leutak jeung tipung, nincak beling tur mandi kembang. Nu ngamandianna KH. Maman jeung Juhana. KH. Maman nétélakeun yén ti mimiti pakalangan, pakakas, katut réalitas pentas téh mangrupa simbol tina hijrah.

“Pakalangan gambaran tina mandala tempat kumelendangna mahluk Alloh. Ari gentong anu dieusi leutak, simbol buana larang tempatna mahluk nu ngagugulung napsu jeung kadoliman. Beling simbol tina rumpilna kahirupan. Sarta cai kembang lambangna susuci keur meresihan rereged diri,” kitu saur KH. Maman.

Sanggeus kitu, néma kana pintonan musik islami. Demi anu maridang nyaéta kelompok nasyid Ikhwani, pingpinan ustad Uép, grup Percéka, DeBuruy pingpinan Ékky, kasidah Kumpring ti Saguling, musik Qi-Buyut pingpinan Darto JÉ., jeung orasi budaya ti Ratna Sarumpaét katut Franky Sahilatua. Henteu poho, Franky Sahilatua ogé dina éta acara ngahaleungkaeun genep lagu balada.

“Di samping panggung ini ada sebuah telaga yang bernama Situ Ciburuy. Telaga yang asri, telaga yang mengingatkan saya pada sebuah lagu ciptaan saya beberapa tahun lalu, Lelaki dan Telaga. Malam ini, meskipun saya tidak hapal teks-nya, saya akan mencoba menyanyikannya,” pokna Franky Sahilatua, bari tuluy ngahaleuangkeun lagu, “Lelaki hanya berdiri, di tepian telaga, menyusuri kesunyian hati, ada rindu dalam hatinya, ada embun jatuh setitik di ujung hatinya…”

Sanajan Franky sumping ka Situ Ciburuy lain rék ngahaleuang, tapi rék nepikeun orasi budaya bareng jeung Ratna Sarumpaet. Kilang kitu, lantaran aya nu ménta lagu “Perahu Retak”, anu ceuk nu méntana bisa ngawakilan téma acara peuting harita: ngajak hijrah tina ngaranjah, ngajak hijrah tina poék ka nu caang, ngajak hijrah tina kagoréngan kana jalan kahadéan. Atuh antukna Franky ngahaleuang lagu “Perahu Retak” nu diciptakeun ku Émha Ainun Nadjib jeung Franky, sabada ngahaleuangkeun “Lelaki dan Telaga” jeung “Pancasila”. Kieu rumpakana Perahu Retak téh: “Perahu negeriku, Perahu bangsaku, Jangan retak dindingmu, Semangat rakyatku, Derap kaki tekladmu, Jangan terantuk batu…..” Sanggeus ngahaleuang “Perahu Retak”, Franky ngahaleuang deui lagu “Balada Anak Nelayan”, “Petani”, jeung “Orang Pinggiran”. Iwal ti “Lelaki dan Telaga”, lagu-lagu nu harita dihaleuangkeun ku Franky, dina seuhseuhanana ngungkabkeun téma ngeunaan cinta nagri, ngeunaan masarakat pamayang, masarakat patani, masarakat kelas cacah nu sapopoéna teu weléh hirup susah. Lagu pamungkasna anu dihaleuangkeun ku Franky Sahilatua téh nyaéta “Orang Pinggiran” (ciptaan Franky, rumpakana beunang Franky jeung Iwan Fals).

Ratna Sarumpaét dina orasina miharep sangkan seniman ulah kabaud kana urusan pulitik praktis. Lian ti éta, Ratna nepikeun pentingna miara sumber jeung seserepan cai, kayaning sirah cai, walungan, situ, gunung, tutuwuhan, katut eusi alam séjénna.

Saréngséna pagelaran musik religi, KH. Maman kalawan dipirig ku musik DeBuruy jeung Qi- Buyut ngadugikeun tausiahna. KH. Maman ngaguar jejer hijrah. Numutkeun ieu ajengan anu nyeniman téh, hakékat hijrah nyaéta parobahan. “Hijrah saéstuna sarua jeung unggah, tina poék kanu caang, atawa robahna kalakuan manusa ti nu sasar kana jalan nu lempeng nu dipirido ku gusti Alloh…” ceuk KH. Maman. Éta tausiah anu diselapan ku musik Qi-Buyut jeung DeBuruy mungguh hirup jeung komunikatif, pamarekan da’wah ngaliwatan média seni leuwih gampang katarimana.

Minangka acara pamungkas, layar panggung bagéa muharam, Mas Nanu Muda jeung Prof. Dr. Setiwan Sabana ngagelar ritual “Sekar Linglung”. Dina pirigan karinding jeung waditra perkusi nu ditata ku Dodong Kodir jeung Yudi Arab, Mas Nanu Muda dina posisi sila dina tatapakan darmaga, lalunan ngoyagkeun awakna, dina suasana peuting nu jempling karinding nungtun Nanu ka alam mana boa. Basa suling ngegelik meulah simpéna peuting, Nanu nguniang, usik, oyag jeung ngéngklak, terus laju ka sisi situ, gog nagog, terus mawa batok kalapa nu eusina cét jeung koas. Dina léngkah nu antaré, Nanu ngadeukeutan lawon bodas anu dipantengkeun di sisi situ, gap kana koas, clom dianclomkeun kana cét, terus éta kowas dicorétkeun dina lawon bodas. Dina lawon nu dicorétan ku Nanu mucunghul hiji aksara, kawas aksara bismillah.

Satuluyna nu laju kana pakalangan téh Setiawan Sobana. Ieu pelukis moyan téh awakna lir nu kasandingan, ngaliwatan koasna, lawon bodas téh pinuh ku gambar kahirupan. Nu panghookeunana panongton mah, waktu Setiawan ngéprét jeung meret lawon bodas jol muncunghul gambar beungeut dua wanoja. Sakumna panongton, saurang saurang kalawan tartib aub ngilu ngagambar dina lawon bodas. Nurutkeun Mas Nanu Muda, “Ritual Sekar Linglung” téh simbol laku lampah manusa anu silo ku barang siga, karéréanana milih gurilapna warna konéng emas, sanajan éta warna ayana di alam poék mongkléng butarajin. Sanajan konsépna basajan, “Ritual Sekar Linglung” geus hasil ngancrubkeun panongton kana ulekan atmosfir pintonan.***

Dimuat di Majalah Seni Budaya No. 183, Januari 2007

>>lihat aslinya

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *